Bèntang Akademi Lagu Sunda mangrupa rohangan apresiasi pikeun masarakat umum di Kabupatèn Tasikmalaya. Ngaliwatan runtuyan audisi, pelatihan, jeung final, program ieu nguniangkeun deui kareueus makè basa Sunda ngaliwatan karya musik moderen.
Ngalestarikeun kasenian tradisional ku ngalibetkeun masarakat daerah liwat Bèntang Akademi Lagu Sunda jeung kolaborasi album kompilasi. Program ieu mangrupakeun bagèan tina tarèkah ngamajukeun bahasa sunda di Kabupaten Tasikmalaya.
Helaran Bèntang Akademi Lagu Sunda mangrupakeun bagian tina tarèkah nyalametkeun objèk pemajuan kabudayaan numutkeun amanat Undang-Undang Nomor 5 Taun 2017. Arus tèknologi jeung globalisasi ngajadikeun budaya luar gampang asup, sedengkeun makè basa Sunda dina kahirupan sapopoè, utamana dina karya musik modèren, beuki ngurangan.
Ngaliwatan Bèntang Akademi Lagu Sunda jeung kolaborasi album kompilasi, program ieu ngahudangkeun deui nilai budaya daerah. Masarakat diajak nga-ekspresikeun diri, ngawangun kareueus, bari ngalegaan pangaweruh ngeunaan kabeungharan basa sunda.
Milih talenta di sabudeureun Kabupatèn Tasikmalaya ngaliwatan audisi langsung di lima wilayah pikeun ngajamin kasempetan nu sarua.
Peserta anu lulus audisi meunang elmu matèri jeung palatihan tèknik vokal ogè interpretasi lagu Sunda ti narasumber nu kompetèn.
Peserta piunggul bakal tampil di Babak Final, meunangkeun hadiah jeung kasempetan jang miluan produksi album kompilasi lagu basa Sunda minangka dokumentasi budaya.
Eusian formulir sing lengkep. Pilih jeung siapkeun lagu Sunda nu rek dibawakeun dina audisi, lengkepan dokumen administrasi, sarta jadi bagian tina gerakan panglestarian basa sunda di Kab. Tasikmalaya.